Nu Mulang Marengan Hujan


Carpon sunda :

Nu Mulang Marengan Hujan

Ku Agus B. Irawan

Sigana baé taun ayeuna mah moal manggih usum halodo. Bulan Maret geus kaliwat. Bulan April, Mei, Juni jeung Juli geus ahir. Agustusan geus rék kalarung. Hujan ayer-ayeran kénéh! Tapi aya mendingna ketang loba kénéh hujan téh, hawa teu karasa panas nyongkab, teu matak bayeungyang. Komo eukeur dina bulan puasa kieu mah, geunah puguhan dibéré hawa tiris téh, sabab teu karasa halabhab.

Salian ti éta, ku mindengna kénéh hujan téh sawah-sawah marakplak kénéh caraian, loba kénéh buburuhaneun. Tanduraneun mah, rambeteun mah, koredeun galengan mah, jeung sajabana deui. Pikeun kuring anu saban poéna tukang buburuh, éta téh ngarupakeun hiji kauntungan, sabab teu weléh loba nu nitah gawé. Nu ngandon nitah digawé téh sasat teu katadah. Bérés tandur di sawahna Bu Haji Nyai, tuluy ngarambet di sawahna Pa Gusu Samsul. Bérés ti nu Pa Guru Samsul, nyambung ka nu Pa Haji Sobar. Anggeus di nu Pa Haji Sobar, disambung ngoredan galengan di sawah Mama Ajengan Gopur. Emh… alhamdulillah Gusti… manjang rejeki abdi téh! Aya pikeun nyambung-nyambung hirup kuring nu geus rarandaan, bareng jeung barudak duaan. Mudah-mudahan Gusti, abdi salawasna dipaparin sehat.

Usum panén taun ayeuna mah mémang rata-rata gagal, lantaran hujan nu tuluy-tuluyan. Tapina para patani téh teu karapokeun, angger wé ngagarap deui sawahna, marelak deui paré. Ari enggeus rék kumaha deui meureun, da piraku ari sawah rék diantep sina gamblung mah.

Ayeuan téh geus tengah-tengah puasa, ka lebaran kari 13 poéan deui. Si Nyai, budak kuring anu cikal, nu kiwari geus kelas 2 SMP, geus ménta dipangmeulikeun baju jeung calana panjang. Geus mangkat rumaja budak téh, ABG ceuk istilah barudak kiwari mah. Abongkena geus jaman, teu di kampung teu di kota, barudak awéwé téh geus prah waé maraké calana panjang. Modis cenah majar téh! Si Ujang budak kuring anu bungsu, nu kiwari geus kelas 3SD, ti kamari kénéh geus ngagerenyih, ménta dipangmeulikeun pakéan jang Lebaran, samalah sakalian ménta dipangmeulikeun jeung sapatuna, da cenah sapatu nu biasa osok dipaké ka sakola geus calawak.

Ari bapana mah teu apal-apaleun ka barudak anu geus galedé téh. Samalah kuring sorangan ogé teu apal deuih dimana manéhna kiwari. Ngan meunang béja téh ayeuna keur nyirerem dipangbérokan, di bui, geus rék aya kana opat taunna, alatan kalibet kasus narkoba béjana mah. Untungna barudak téh tara daraékeun tetelepek ngeunaan bapana.

Enya hirup kuring téh lelengohan. Tapi meureun can bisa disebut rarandaan, da puguh acan resmi diserahkeun ku Kang Panca, salaki kuring. Kuring téh geus ampir genep taun ditinggalkeun ku salaki, éstuning teu diurus, teu dinapkahan, ogé teu dipegatkeun deuih! Samalah sajero lima taun leuwih téh tara elol-elol pisan, teu béja teu carita! Kuring sasat dilurjeunkeun. Dikungkung teu diaur dicangcang teu diparaban! Loba nu nyararita, pajar cenah lamun geus teu diurus salila-lila, bari jeung teu puguh kaputusanana, geus sah jadi ranca cenah! Meunang mun rék kawin deui ogé. Tapi ari keur sakuringeun mah nya teu bisa kitu baé, da sabab apanan katalian ku hukum eujeung aturan! Ongkoh deui hayang nyaho nepi ka mana tanggungjawabna salaki kuring dina sual ngaheuyeuk rumahtangga? Mémang éta gé geus loba lalaki anu ngadeukeutan kuring, cohagna hayang ngawin kuring, boh anu torojol langsung ka kuring boh anu ngaliwatan kolot kuring. Tapina keur saheulaanan mah kabeh ogé ku kuring ditolak. Babakuna mah baluas kénéh, sok kasieun kawas nu eunggeus-enggeus! Lain, lain pedah beurat kénéh ka nu jadi salaki nu geus teu ngurus mangtaun-taun, da lamun dina balik atawa datangna ogé tangtu kuring téh arék menta resmi diserahkeun.

Kuring téh pahatu-lalis, anu geus ditinggalkeun ku indung katut bapa ti keur orok kénéh. Indung jeung bapa kuring maraot alatan kamusibahan basa imah kahurun. Cenah harita téh indung katut bapa kuring maksud mah rék nyalametkeun kuring nu harita keur disarekeun di enggon. Tapi indung katut bapa téh kalahka milu kahuruan nepikeun ka tatu parna pisan! Sedengkeun ari kuring, ku kersaning panangtayungan Nu Maha Kawasa, Alhamdulillah salamet! Ngan minangka ciri eujeung saksi tina éta kajadian, dina pingping kuring beulah katuhu aya ceda tapak kalentab ku seuneu, anu teu leungit nepi ka kiwari.

Indung katut bapa kuring kungsi ditatambakeun ka Rumah Sakit. Ngan kusabab tatuna parna pisan, sarta geus tepi kana titis-tulisna, teu bisa disalametkeun. Duanana maraot sanggeusna dirawat di Rumah Sakitu aya kana dua poena. Kitu numutkeun dongengna Mang Bandi, pamajikan kuring raina bapa, nu kiawri jadi kolot kuring. Da ti sanggeusna éta kajadian téh kuring tuluy dirorok ku Mang Bandi jeung Bi Minah, anu harita anyaran kawin sarta acan baroga budak. Kuring geus nganggap Mang Bandi katut Bi Minah téh indung jeung bapa kuring pituin! Apal sotéh yén aranjeunna lain kolot kuring teges sanggeusna kuring gedé, nalika kuring keur kelas 2 SMP. Samalah wani ngabasakeun Emang jeung Bibi ogé kadieu-dieunakeun, basa kuring geus ngadahup ka Kang Panca. Bari jeung ari sapopoé mah angger wé nepikeun ka kiwari ogé nyebut téh Abah jeung Ema baé!

Keur leutik, dina waktuna Lebaran, kuring osok diajakan Nadran ka pajaratan di kiduleun lembur. Di dinya téh aya makam, opat dijajarkeun. Genah éta téh makam Aki sareng Nini sarta raka-rakana Mang Bandi. Kadieunakeun, sanggeusna kuring gedé kakara eungeuh, singhoréng nu dua deui téh makamna indung jeung bapa kuring!

Ari kuring pangna bisa ngadahup ka Kang Panca, marga lantaranana mah adi kuring, Jang Didin, budakna Mang Bandi nu cikal, anu boga gawé di kota, di Konfeksi digawéna téh. Taah, Kang Panca téh babaturan sapagawéanana Didin. Inyana kungsi sababaraha kali diajakan ulin ka lembur ku Didin. Tayohna baé Kang Panca téh aya haté kadua leutik ka kuring. Nu ahirna inyana wakca terus terang, bogoh ka ku­ring, sarta boga niat hayang ngawin cenah!

“Bageur Ceu, jalmina mah!” ceuk Jang Didin, basa kuring nanyakeun ngeunaan kaayaan sarta pasipatanana Kang Panca. Asli urang kota cenah Kang Panca téh, urang Bandung.

Teu mangkuk lila, kuring ditanyaan ku Kang Panca, anu satuluyna dikawin. Pikeun kuring mah ngarasa atoh kacida bisa meunangkeun urang kota téh.

Ngan baé pikeun kuring aya hal anu matak rada hemeng. Boh dina waktu nanyaan boh dina waktuna kawin, Kang Panca téh ukur diaanteur ku pamanna jeung sababaraha urang sobat-sobatna. Ari indung, bapa, sarta dulur-dulurna mah, boh lanceuk-lanceukna boh adi-adina, taya anu datang saurang ogé! Singhoréng kanyahoan, yén kolot katut du­lur-dulurna teu pisan panujueun Kang Panca kawin ka kuring téh ! Da cenah ceuk béja Kang Panca téh ku kolotna geus dijodokeun ka salah-saurang anak barayana, atawa anu masih katalian barayana kénéh. Hal ieu kabuktian basa saentasna kawin kuring nepungan mitoha, seja munjungan, ku kolot mitoha téh sasat teu diwaro, teu ditalék teu ditakon, ka kuring siga nu banget ngéwana! Sedih, nalangsa, peurih jeung nyeri haté! Tapi da teu bisa majar kumaha. Ari cicingna di Kota Bandung, tetela geuning kulawargana Kang Panca téh saukur ngontrak. Da ari aslina mah urang Majalaya cenah. Ngan kuring teu kungsi tetelepek nanyakeun ti mana-ti manana ti Majalayana. Ari pakasaban mitoha téh duanana ogé purah dagang sayuran di pasar. Nepikeun ka kuring jeung Kang Panca boga budak dua mitoha téh can kung­si sakali-kali acan nganjang ka lembur.

Anyaran kawin, ku Mang Bandi atawa kolot kuring langsung dipangnyieunkeun imah. Ngarah jongjon cenah ari geus misah mah. Ogé deuih disérénan sawah keur garapeun.

“Ieu téh sawah titinggal bapa hidep Nung, warisan ti Aki. Pék wé ayeuna mah garap ku sorangan. Salila ieu mémang ieu sawah téh ku Abah digarapna. Ari hasilna osok ditabungkeun. Dipaké biaya hidep sakola, ogé dipaké nyieun ieu imah.” ceuk Mang Bandi ngajelaskeun. Kuring harita teu wasa cumarita. Saukur bisa nyegruk ceurik dina lahunan Bi Minah anu geus dianggap indung teges, awahing ku ngarasa bungah turta kagagas. Emh, enyaan geuning Bi Minah jeung Mang Bandi téh sakitu gedé perhatianana.

Disérénan pakaya keur garapeun téh Kang Panca mah embungeun, da meureun tara biasa jeung teu tuman baranggawé kekecebresan di sawah. Bororaah ka bisaeun macul, teu bisaeun nampingan galeng-galeng acan. Pangpangna mah embung diajar, jeung embungeun we deuih ngagarap sa­wah. Nya kapaksa wé pagawéan di sawah téh loba dipigawé ku sorangan. Lamun anu sakirana teu kauntup osok muruhkeun baé. Padahal ari ceuk kuring mah hirup atawa cicing di lembur bari teu boga pakaya téh rugi kacida. Euweuh andel-andelkeuneun keur sakalieun tatalang raga.

Nalika keur anyaran kawin mah enya katingal bageur Kang Panca téh, tara loba ceta. Tapi beuki kadieunakeun témbong pasipatan aslina téh, gedé ambek turta babarian kasigeung! Ka kuring mindeng maséaan. Teu kaop kuring aya kasalahan, babari pisan buncelik. Popolotot, poporongos, kadang sahaok kadua gaplok ! Tapi ku kuring osok disabaran baé, tara ieuh dilawan, tara wani aduan ka kolot-kolot ku­ring, sok disidem baé. Ku kuring dianggap ujian rumah tangga. Keun baé cekéng téh sugan engké-engké deui mah mun geus boga turunan bisa robah pasipatan goréngna téh. Tapina nepikeun ka boga budak dua sipat goréngna Kang Panca téh angger teu robah. Angger barangasan, angger gedé ambek, angger osok maséaan. Ahirna mah kolot kuring ogé Gadi arapaleun. Kang Panca osok diwawadianan ku kolot kuring. Ngan ti batan narima mah kalah siga malik teu suka, kalah siga anu cua ka kolot kuring téh! Samalah beuki kadieunakeun mah asa kalahka beuki ningkah. Ti panyabaan jadi arang-langka balik. Nu biasana balikna osok matuh sabulan sakali, kiwari mah jadi sok ampleng-amplengan ne­pikeun ka aya kana dua bulanna, kadang-kadang mah leuwih.

Lian ti eta dina nyetoran keur resiko sapopoé ogé beuki teu bener, beuki ngurangan. Tampolana mah tara pisan mawa duit ari balik­na téh. Paribasa eukeur sepi, keur kurang hanca pigawéeunana pajarkeun téh. Sok padahal harita téh kuring keur mengpeng pisan loba pangabutuh, da puguh keur orokan ku budak nu kadua. Duka meureun pédah dipangaruhan ku nu jadi kolot sarta ku dulur-dulurna. Ngan ari ceuk Jang Didin mah, adi kuring, cenah Kang Panca téh digawéna osok pipindahan baé, tara matuh di satempat atawa di hiji dunungan.

Nu panungtung, Kang Panca téh kadon maséaan kuring gara-gara ku kuring teu diidinan ngagadékeun sawah. Duméh manéhna nyaritana mah keur butuh duit cenah jang modal muka usaha di kota. Nempo galagat sarupa kitu, nu kaciri moal pibenereun, kuring jadi cangcaya. Tangtu baé boh kuring boh kolot kuring teu bisa ngidinan lamun nepi ka sawah kuring dipaké tandon atawa jaminan pikeun nginjeum duit. Rupana baé Kang Panca teu tarima, ngarasa kuciwa. Manéhna kadon amuk-amukan, meupeus keuyang, sagala dibantingkeun, sagala dipeupeuskeun. Mireungeuh kitu, kolot kuring ogé béak kasabaranana. Antukna Kang Panca téh ditundung, diusir sapajodogan, dititah nyingkah ti dinya harita kénéh.

Nya ti harita Kang Panca téh indit. Nepi ka kiwari, geus ampir genep taunan lilana, can kungsi ngelol-ngelol deui.

Kungsi éta ogé dicobaan ditétéangan, didatangan ka imah kontrakan kolotna. Tapi tetela geus pindah, geus teu ngontrak deui di éta tempat, bari taya nu apaleun ka mana-ka manana pindahna. Ngan kung­si meunang béja, cenah Kang Panca téh dipanjara geus rék opat taunan, alatan kalibet atawa kabaud perkara Narkoba béjana mah. Kuring meu­nang éta béja téh ti Jang Didin, sumberna ti babaturanana. Sarta aya ogé warta dina koran, anu kungsi ditingalikeun ka kuring. Sanajan kuring apal tempat dipanjarana Kang Panca, tapi can méréan la­mun kudu ngalongok manéhna. Haté masih kénéh gudawang, masih kénéh raheut!

Peuting ayeuna téh maleman ka dalapan belas Romadhon. Hujan ngagegebret ti méméh Magrib kénéh. Kiwari geus manjing waktuna Isya. Hujan tacan kénéh raat. Ti batan raat mah kalah siga beuki ngagedéan, dibarung ku angin jeung dor-dar gelap. Si Ujang pupurungkutan. Tayohna ngarasa keueung jeung seber ngadéngé gelap anu dor-dar tingbeledag.

“Wengi ayeuna mah urang Solat Tarawéh di bumi wé, teu kedah ka

Masigit da hujan!” ceuk kuring.

“Saha atuh nu bakal janten Imamna? ” Si Ujang nanya bari kerung.

“Nya Mamah wé Imamna mah!” tembal kuring.

“Apanan Mamah mah istri! Pan upami aya pameget mah kedah ku pameget Imamna?” Si Ujang semu anu protés.

“Eh enya, apanan Ujang mah alit kénéh, teu acan Balig. Janten Ujang mah teu acan tiasa janten Imam!” kuring ngajelaskeun.

“Tapi, piraku Ujang kedah ngama’mum ka istri? Apanan teu tia­sa pameget ngama’mum ka istri mah?” ceuk Si Ujang deui.

“Nya atos atuh, Ujang mah Solatna nyalira baé! Mamah sareng Tétéh mah badé berjama’ah! Mamah engké anu janten Imamna!” ceuk kuring bari ngarasa kagugu. Tapi ari dina haté mah ngarasa bungah! Ngandung harti naon rupa anu diajarkeun ku Guru Ngajina Si Ujang téh nerap.

Rék cong pisan Solat Isya, kadéngé di luar aya nu keketrok kana panto satengah gegedor bari pupuntenan jeung ngageroan ngaran kuring. Ngadéngé sorana mah sada sora RT Basri. Kuring ngojéngkang mukakeun panto bari haté mah ratug, tagiwur, asa rareuwas. Barang bray panto dibuka, katempo aya RT Basri mamaké jas hujan anu jibreg. Di tukangeunana aya saurang lalaki bedegul anu dedeganna tegep tur sembada, mamake jekét hideung. Nempo dedeganna mah siga-siga Pulisi éta la­laki téh.

“Wayahna Nyai, ayeuna kénéh kudu ka Puskésmas Kacamatan ! Bareng jeung Akang ogé jeung ieu Bapa Pulisi!” ceuk RT Basri bari ngajajanteng di luar, teu kungsi asup heula. Lalaki anu disebut Ba­pa Pulisi téh manggut.

“Aya naon kitu Kang RT, mani asa rareuwas?” kuring tumanya.

“Engké wé Nyai anu jelasna mah, di ditu! Ayeuna mah hayu wé urang buru-buru ka ditu!” walon RT Basri. Kuring ngarérét ka barudak nu ngajaranteng tukangeun kuring.

“Barudak mah pihapékeun wé di tonggoh, di Akina. Da Akang ogé tadi geus nepungan heula Si Abah!” ceuk RT Basri siga anu surti.

Ari geus puguh kitu mah kuring oge indit rek ka Puskesmas Kacamatan. Saméméh miang, RT Basri nyampeur heula RW Undang. Ngarah reugreug cenah ari loba batur mah. Leumpang mapay-mapay jalan lembur anu ngan ukur bisa asup motor atawa ojég bari huhujanan. Teu kungsi lila anjog ka jalan gedé. Di dinya nyampak aya mobil Pulisi nu diparkirkeun. Mobil Kijang anu bak tukangna muka, teu dituruban. kuring hanjat kana mobil diuk di hareup, bareng jeung Si Bapa Pulisi nu nyupiranana. Ari RT Basri jeung RW Undang mah di tarukang, haruhujanan, dihararudum atawa dibarulen ku jas hujan. Sajajalan jempe teu loba tatanya, najan ari dina jero haté mah kebek ku pananya, aya naon jeung rék naon deuih, maké jeung kudu indit ka Puskésmas?

Teu lila anjog ka Puskésmas Kacamatan anu kabeneran padeukeut jeung Kantor Polsek. Jrut kuring turun. Di jero Puskesmas jeung di buruanana loba jalma pabaliut. Aya ogé sababaraha urang Pulisi anu keur wara-wiri, pulang-anting ti Kantor Polsek ka Puskesmas. Katingalina saribuk pisan! Di jero Puskesmas kadéngé ogé aya nu careurik tingaringhak. Kuring dibawa asup ku Pulisi ka hiji rohangan, dibarengan ku RT Basri jeung RW Undang. Di éta rohangan téh katingal aya nu ngajolopong siga layon diruruban ku lawon bodas. Dina pale-bah sirahna katingal siga merebey getih ! Kuring ngabirigidig, asa ketir jeung ginggiapeun nempona “Cobi Ibu, kenal teu ka ieu layon?” ceuk Pulisi tumanya ba­ri lalaunan nyingkabkeun lawon nu dipaké ngaruruban mayit dina palebah sirahna. Barang breh… nempo beungeutna, gebeg kuring

ngarenjag, reuwas taya papadana! Jajantung méh asa coplok! Tetela geuning éta téh layonna Kang Panca, salaki kuring! Kuring ngarumpuyuk, leuleus taya tangan pangawasa, lir dipupul bayu. Gancang disarangkeh ku RT Basri jeung RW Undang, didiukkeun dina korsi. Cipanon merebey tina kongkolak panon.

Sanggeus leler, kuring diasongan dompét jeung surat sacewir anu geus ampir saroéh jeung rada baseuh, nu cenah kapanggih tina saku calanana Kang Panca. Singhoreng éta téh surat katerangan bebas hukuman ti salah sahiji Lembaga Pemasyrakatan. Basa kuring mukaan dompetna, di dinya aya KTP-na Kang Panca anu geus béak masa berlakuna kalayan make alamat Lembur. Dina jero dompetna oge kapanggih poto kuring jeung poto-poto barudak anu geus karucel.

“Leres ieu téh carogé Ibu?” Pulisi nanya deui. Kuring ukur wasa unggeuk, bari jeung teu ngarti naon maksudna ?

Numutkeun katerangan ti Pulisi, cenah basa tadi Magrib aya kacilakaan mobil Elf tigebrus kana jungkrang di palebah Leuweung Halimun, alatan jalanna rempag kabawa urug. Panumpangna aya limaan. Anu tatu parna tiluan, jeung anu maotna duaan, kaasup Kang Panca anu kakarék bebas ti panjara sarta boga niat hayang balik ka Lembur. ***

http://mediasunda.com/i

Komentar ditutup.

%d blogger menyukai ini: