Puasa Maju ka Tungtung


Carpon Sunda : Puasa Maju ka Tungtung

Ku Hidayat Soesanto

Hiji

Sapoé… dua poé… tilu poé… saminggu… Sirikna teu diitung unggal poé, majuna puasa téh. Mani asa kesel hayang meunang sapuluh poé téh. Sabeungkeut, ceuk Si Uhay téa mah, kawas kana naon baé. Poé disasaruakeun jeung peuteuy. Dibeungkeutan. Dasar!

Manjing lima belas poé jejeg, Gusti… atohna. Asa isuk pagéto lebaran téh. Nepi ka punclak euy! Tinggal mudun ngadurugdug. Sok téréh geura karasana. Asa gedé haté. Sumanget rada nambahan. Katambah-tambah mimiti loba aambeuan. Kuah-kuéh, rangunang-ranginang, bubuahan, jeung naon ku hanteu. Kabangbrangkeun.

Jaman keur budak. Jaman can loba téténjoan. Jaman duit kencring pangajian kénéh. Taun 60-an ka ditu. Ka teuing atuh, teu weléh asa ripuh, saban puasa téh. Nungguan waktu ised téh asa lila. Nénjo jam di masigit, haréngés hayang muterkeun jarumna. Nempo panonpoé karényéng, lantaran asa angger teu incah-incah. Utamana saméméh tengah poé.

Upama dibandingkeun jeung barudak ayeuna, rumasa éléh kabina-bina. Barudak ayeuna mah karuatan. Mun panggal téa mah talagreg. Nempo anak sorangan baé. Naha da ti karék umur tujuh taun, geus kuat puasa nepi ka magrib. Lulus-banglus sabulan campleng deuih. Sakalieun ditawaran buka, bisi teu kuat, gideug jeung nyebut alimna téh, teu kireum-kireum.

Perbawa gizi kitu? Atawa loba kabanglérkeun? Ma’lum di unggal imah, ti isuk jedur, nepi ka soré jeder, televisi ngagegebrung. Barang-barang kaulinan, rupa-rupa jeung balatak. PS, HP, jeung komputer, bisa dipaké batur ngabuburit. Tempat ulin, hayang ka mana. Pangpangna bangsa malmal-momol.

Sedengkeun kuring, dina umur sakitu téh, teu maro-maro acan, nu bangblas tamat, nepi ka dur bedug magrib. Acan nu maling-maling buka. Ngabohong api-api can batal. Padahal basa ngumbah beungeut di pancuran, ngaleklek nginum nepi ka méh-méhan bungkiang. Ukur nginum batal puasa téh. Teu kararaban naon-naon deui. Ana heg diutang-itung, rugi kabina-bina. Batal heueuh, seubeuh henteu. Dosana lipet-tikel. Dosa lantaran batal. Dosa ku sabab ngabohong. Ngaku-ngaku puasa kénéh.

Kalakuan barudak harita. Lain ngan kuring wungkul. Duka barudak ayeuna mah. Téténjoan mah henteu kawasna.

Terus-terang teu sanggup, lamun kudu tamat sabulan téh. Nepi ka umur kurang ti sapuluh taun mah, nya kitu téa baé. Mun teu lohor bobor karahayuan, teu kalis dilebar-lebar, wayah asar serah bongkokan. Buka bébéakan. Padahal mindeng saur kabeurangan. Tampolana maju bray-brayan ngalimed kénéh. Da éta panyakit kebluk téh, dadak sakala nambahan.

“Budak mah meunang, saur kabeurangan ogénan,” cék bapa. “Pilakadar puasa diajar,” pokna deui.

“Hayoh! Deui sanguna?” tempos indung kuring saruana. Celebek. Siga nu heueuh saur. Padahal mah naon bédana jeung mumuluk.

Diogo pisan kuring téh. Kawantu anak saésé-éséna. Boh ema, boh bapa, sakalieun nyaram batal téh, éstuning ukur puraga. Ongkoh nyaram, ongkoh sagala diasong-asong. Kabeneran ngawarung jeung jelema aya, boga kolot téh. Dahareun naon nu euweuh di imah kuring. Dalah bubuahan kota; jeruk garut, kesemek, atawa salak, arang euweuh. Dua kali saminggu, Rebo jeung Saptu, bapa sok balanja eusi warung, ka dayeuh. Ka Banjar atawa ka Ciamis.

Poé kagenep welas. Saperti lembur-lembur séjénna, kaayaan Lembur Mandala maju haneuteun. Jelema-jelema, utamana awéwéna, araya di imah. Sabalikna sawah, kebon, jeung reuma tiiseun. Katémbong aya jelema téh, paling-paling nu keur ngarit, atawa nu keur mariksa pelak cau, sugan aya nu geus kolot.

Turug-turug tacan lila usum panén. Réngsé pisan dibuat téh, Rajab ka pareumnakeun. Para patani meujeuhna reureuh, nungguan datangna usum hujan. Mangsana macul munggaran jeung nyiapkeun (deui) pabinihan.

Enya, alam téh (harita mah) lir meunang ngatur. Lain lir kétah, karasa pisan aya nu ngaturna téh. Nya moal saha deui, lian ti Anjeunna. Gusti Alloh Nu Maha Kawasa. Iraha mangsana usum hujan, iraha waktuna katiga, samencog-mencogna ogé, beunang dikira-kira kénéh. Bulan Rewah meujeuhna entang-entangan katiga. Parat nepi ka bulan Puasa. Awal Syawal mimiti usum hujan. Terus tilu-opat bulan usum ngijih.

Duka di lembur batur mah. Utamana béh wétan jeung di wewengkon kalér. Di lembur kuring mah, usum katiga téh, paralun ngalaman werit dahareun. Béas apan keceh-keceh réngsé panén. Di huma usum jagong. Di laut meujeuhna loba lauk. Ulah bangsaning selar-pepetek, lauk laleutik, dalah lauk bangsa tangiri atawa totongkol, lauk galedé, lauk ménakna, méh unggal poé haranjat.

“Tuh, kurang kumaha asihna Gusti Alloh,” saur Mama Ajengan Holil. “Di dunya kénéh, ganjaran keur nu paruasa, sasat sagala disadiakeun. Lauk mah lauk, saban bulan puasa, sirikna teu haranjat sorangan. Nya kitu deui bubuahan. Ongkoh halodo, tapi sakalieun limus haseum-limus haseum baé mah, asal daék nyeri beuteung.”

Da jeung enyana atuh. Sakapeung mah sok ngarasa anéh. Usum katiga téh, teu hésé cai-cai acan. Kurangeun dahareun harianeun. Kétah, duka di lembur séjén mah. Nu teu boga laut. Nu teu boga tangkal (kebon) kalapa. Teu boga situ kawas Situ Cisamping. Teu pati gedé situna mah, ngan dalah diganda halodo sataun landung, asana cadu ngorotan.

Kitu téa mah, liang cai sadua-dua, sagedé-gedé beuteung munding. Tingburial taya reureuhna. Rék usum ngijih, deuk usum halodo, tara katémbong ngorotan. Kawantu luhureun liang cai, sakurilingna, tatangkalan galedé, mani patétép. Daun-daunna patepung. Hésé sakalieun hayang nénjo cahaya panonpoé. Taya nu wani ganggu, iwal hayang kasiku luluhur lembur. Kersana Embah Agung.

Matak iraha teuing, sawah Lembur Mandala ngalaman gahgar. Kakurangan cai. Usum ngijih kotakan ngemplang kawas émpang. Cai cur-cor ti unggal kotakan. Mangsa katiga, angger ngaleutak. Uduh, riduh. Melak naon-melak naon, angger jadi. Pantes mun belut sawah Mandala, ditambah bohong meueusan, kanjat sagedé-gedé indung suku. Marontok, karonéng, garajih.

Puasa rék maju ka tungtung. Tina unggal suhunan katémbong haseup ngelun. Babauan sareungit, seungit dahareun, kaangseu ti mana-mendi. Iwal budak olol-lého kénéh, kasebut awéwé, cuh-cih barangjieun, sasayagaan lebaran. Biasana ngaheulakeun dahareun nu rada awet. Bangsaning opak, wajit, jaladara, karapak-kiripik, otokowo, atawa ranginang. Ké dua-tilu poé deui kana lebaran, kakara sarupaning ulén, bogis, peuyeum,atawa surundeng. Sedengkeun kuja-kéjo katut sapuratina, lolobana didadak, piisukeun pisan lebaran.

Pasar-pasar beuki ramé. Puguhing pasar kacamatan. Tukang dagang harojih. Dagang naon baé teu burung payu. Dalah tukang cukur, teu éléh maréma. Mani asa kempreng, cenah, cék Si Bapung, tukang cukur peuntaseun pasar kacamatan. Sapopoé, ukur kaselang solat wungkul, teu eureun-eureun ngagetrek. Untungna nu dicalukurna, tara réa paménta. Nu penting buuk ulah rogok, ngaliwatan ceuli. Kitu téa mah, pilakadar mayar sawilasana, maké boga paménta sagala rupa.

Matak teu pati kapaké ku barudak ngora mah. Teu apal modél, majarkeun téh. Ménta dielis sisi-sisina wungkul, geus gék mah, angger digudrud. Dicepak satengah gundul. Ngarah awét, majarkeun téh.

Teu bisa majar kumaha. Teuing ku naon, urang lembur téh, lir aréléh sima ku Si Bapung téh. Nyaan majar pangsakti-saktina jelema, tukang cukur téh. Katambahan ruruntuk komandan OKD ongkoh. OKD, Operasi Kéamanan Désa. Hansip mun cara ayeuna mah. Kabéjakeun jaman meuweuh gorombolan, sok panghareupna baé, ari ngepung urang leuweung téh. Boga kawedukan, cenah mah.

Mangsa kieu mah, euweuh wéh nu disebut poé pasar téh. Lantaran unggal poé ramé ku jelema. Ku nu baralanja. Tukang kaén jeung pakakas dapur mah, ti méméh puasa kénéh malah geus ngedukkan duit. Maju lebaran, lumrahna jelema-jelema garampang naker mariceunan duit.

Ngaranna gé lebaran, cenah. Hartina taya kalebar. Duka téh teuing, kumaha rumusna. Tina lebaran hartina jadi euweuh kalebar.

“Opat welas poé deui,” cék Si Uhay, bari numpangkeun bujurna, kana ruruntuhan tangkal kalapa.

Genepan ngariung, sanggeus nunda beubeunangan ngaregreg. Ngaregreg mulungan kalapa ragrag. Disebut ngaregreg téh, lantaran ngajajar ka gigir, bari molototan nu bala-bala. Sakapeung tatanggahan, sugan katémbong aya urut manggaran anyar.

Mokaha ana diumlah-jamleh, ladang naregreg téh, aya likursikina. Lain lumayan meumeusan. Kali saanu sasirah, saanaueun pérak. Diganda teu pati parurun éta téh. Peutingna kurang saré. Balukarna asa laleueus.

Bulan puasa. Saperti biasa meujeuhna gedé angin. Angin kulon. Mani tinggelebug. Sakapeung dibarengan angin puyuh. Loba tatangkalan saremplak. Kabéjakeun, mangkukna mah, di Lembur Masawah, rongkah pisan.Sugan mah angin puyuh indungna baé. Atawa bibina. Da éta awi sadapuran, kolu karadut. Ngan henteu baé tuluy kaapungkeun. Duka téh teuing, bener henteuna mah. Omongan urang réa téa! mindeng ditambahan-diémbohan. Sangkan batur leuwih katarik.

Dua

“Tilu welas euy!” tempos Si Hoér. Gék gigireunana.

“Tilu welas ti mana horéng?” Si Uhay nyaritana sari nyereng. Teu kaopan si éta mah. Nurun ti bapana. Rada ngulit bawang. Kawas kararas. Gampang karérab. Babari nyéak. Dapon teu samanah, gampil pisan nyereng sareng cureng. Dilandina ogé si cékér atawa si panékér. apan. Panékér geuning, lamun dihurungkeun, kudu dicékerkeun heula. Mun geus pakcéker, kakara hurung.

“Anu matak ari rék ngaji, ceulina ulah ditinggalkeun di imah,” cék Si Hoér deui.

Gerrrr…. Kaasup kuring. Lain nanaon, pan ceuli Si Uhay téh, leutik sabeulah. Nu kénca.

“Tah, tanyakeun ka Ujang,” melong ka kuring. “Nya Jang, nya? Ceuk Ustad Maman, puasa taun ieu mah, teu kudu jangkep sabulan.”

“Hus… ari nanaon téh. Puasa Ramadhan mah, teu meunang kurang, teu meunang leuwih. Kudu jejeg sabulan. Mun kurang wajib diganti. Dikodoan. Kitu gé kudu puguh alesanana. Gering atawa keur liliaran jauh, upamana. Leuwih, haram hukumna!” cék kuring, mani asa pangaingna.

Enya ongkoh, dibandingkeun jeung nu limaan mah, kuring téh ampir pangsagalana. Kolot pangbeungharna. Di sakola pangpinterna. Ngaji pangcalakanana. Nya kitu deui beubeungeutan, pangnenggangna. TaktagéTaraluk jeung narurut babaturan téh.

“Aéh, maksud téh …,” Si Hoér rumasaeun salah ucap.

Ti barang prung puasa kénéh, dua-tilu poé, geus ramé, majar puasa taun ieu mah, cukup salapan likur poé. Hartina malem takbiran téh, leuwih gancang dua puluh opat jam. Ka béh dieu, Ustad Maman pok pisan. Sanajan buru-buru nyebutkeun,”Bener-henteuna mah, tungguan baé pangumuman ti pamaréntah,” cenah.

Di antara barudak, Si Hoer nu bangun ngarep-ngarep pisan, puasa ulah nepi ka jejeg tilu puluh poé téh. Kitu onaman, luyu sareng salira kagungan. Péndék budayut. Patuangan majeng ka payun. Bleg Ki Lurah Karang Tumaritis. Bapana Si Cepot téa. Kasohor si jago lebok. Mungguh keur inyana mah, nu disebat teu raos barangtuang téh, tara kurang ti dua piring metung. Nya kitu deui, rék gering ukur paranas tills, deuk gering nyaan, asa can kadéngé, manéhna teu bisa kararaban cai-cai acan.

“Teuing atuh, da kuring mah, asa can ngasaan teu ngeunah dahar. Sanajan awak keur gering ogénan,” pokna.

Anu matak keur manéhna mah, puasa téh siksaan béak karep. Manjing lebaran, hartina waktuna meupeus keuyang. Was-was-wes-wes sagala didahar.

Saperti biasa, saban poé, kuring sabalad-balad, sok ngabuburit. Tapi, harita mah, henteu cara ngabuburit barudak ayeuna. Pangpangna barudak nu marangkuk di kota: ulin ka mol, maén PS, atawa nemen lalajo televisi. Mun teu kitu ngadukduk maca. Ngabuburit versi kuring sabatur-batur mah, sakalian bari barangsiar. Néangan naon baé, asal bisa dipaké buka puasa. Sukur-sukur bisa mairan deungeun sangu.

Barudak komom. Dalah kolot, aya sesebutan, napsu nu keur puasa, sagala kacipta. Sagala bangun ngeunah. Sagala ditéangan. Ditaékkan jeung diala. Kaganggayong-ganggayong, buah dahon, diala. Duméh jerona kawas dawegan. Caian deuih. Padahal rasana jauh mela-melu. Boro-boro amis. Ampir euweuh rasaan. Da ari geus tepi ka imah mah, tara ditoél-toél acan. Jang nanahaon ngadaharan buah dahon. Dawegan réa kénéh!

Buah haréndong jeung jambu kulutuk deuih, nu sok ngagoda téh. Da eta tuda, sirikna teu neba. Di mana-mana, sela-sela tangkal kalapa, kapanggih tanggal haréndong, paselang jeung jambu kulutuk. Nénjo buah haréndong bareureum semu hideung, kaciptana téh moal teu amis pelem. Nya kitu deui jambu kulutuk. Asak ku asakna, pasti amis tiis. Atuh nu masih kénéh semu konéng, kacipta celetrokna. Tungtungna ngagugu napsu, saurang sadudukuy baé mah, pada marawa ka imahna. Angkeunanana, nya kitu téa, keur pangbukaan. Tapi, dina waktunna mah, mindeng teu ditoél-toél acan.

Tegesna, saban ngabuburit, cadu balik keupat. Tara ngalaman mulang léngoh. Aya baé babawaan téh. Tampolana angkaribung. Nya ngelek, nya ngajingjing. Antukna kolot baé kariripuhan, teu pupuguh katambahan piruntaheun.

Ku sabab usum halodo, usum gedé angin, angin kulon, ngalanggan saban bulan puasa, néangan kalapa ragrag. Ari lembur pakidulan, apanan sasat gudangna kalapa. Di mana-mana ngajajar tangkal kalapa. Ka lalamping-lalamping, pinuh ku tangkal kalapa. Ku loba-lobana, nu baroga kebon téh, rajeun poho atawa kaliwat ngala. Padahal kalapana geus karolot. Kariring. Tungtungna raragragan sorangan. Mun lain gara-gara angin, biasana buah kalakuan sato bajing.

Mungguh keur para patani kalapa mah, musuhna pisan bajing téh. Huntuna nu seukeut, resep ngorowotan buah kalapa ngora. Ninggang aya manggaran kiring (kolot), katincak meueusan gé, jol murag baé.

Engkéna, kalapa pamulung téa, dijual ka tukang ngejek. Tukang nyieunan minyak keletik (kalapa). Duitna sabagian dipaké meuli pangbukaan. Biasana nu amis-amis. Kayaning kelepon, empog, atawa rurujakan. Rurujakan téh, di lembur kuring mah, bangsaning goyobod, céndol, atawa camcauh (cingcaw). Lain dahareun nu lada-lada. Es parud ogé, angger baé disebutna rujak.

Sawaréh dikumpulkeun. Dicéngcéléngankeun. Si Sunardi nu nyekelna. Budakna rada pedit. Kabeneran anak jelema aya deuih. Jadi teu hariwang leungit. Lantaran puguh nu bakal ngagantianana. Mangsana lebaran kakara dibéakkeun. Biasana dipaké lalajo balap parahu jeung kuda.

Sataun dua kali, agustusan jeung ba’da lebaran, mayeng aya balak kuda jeung parahu. Balap parahu di Laut Batukaras. Bulak-balik ti sisi ka tengah, ti tengah ka sisi. Utamana agustusan, pamilonna aya urang Cilacap sagala. Ari balap kuda, tempatna di Legokjawa. Di sisi basisir. Ramé pisan balap kuda mah. Sabab kuda-kuda ti Bandung gé daratang. Puguhing Pangandaran, Ciamis, Tasik, atawa Purwokerto onaman.

Anu matak, ngabuburit bari ngaregreg, atawa sabalikna, ngaregreg bari ngabuburit téh, sasat wajib kabina-bina. Ngan tara ari nepi ka unggal poé mah. Teuing atuh, asa lipet tikel sugemana, seubeuh jajan, ladang késang sorangan téh. Asa reueus deuih. Nyebut gaduh, waktu ku kolot ditawaran, duit Jang bekel lalajo téh, asa kumaha mah haté téh. Bungangang. Dada asa beukah.

Mun teu kitu, nu sarua ngalanggan téh ngala belut. Ngurek. Tampolana pabeubeurang ngaregreg. Maju ka soré ngurek. Kabeneran tempatna teu pati jauh. Tina tempat ngaregreg téh, tinggal mudun, nurunan lalamping. Jog … ka pasawahan Mandala. Disebut pasawahan téh, duméh ngalorog. Ari ngaliglag lega, kawas di béh Padahérang atawa Lakbok mah henteu. Di lembur kuring mah teu pati lega sawah. Tanah-tanah téh lolobana dipelakkan kalapa.

Ku sabab boga situ Cisamping téa, sakalieun sawah di Kampung Mandala mah, tara ngalaman saat. Jeun teuing usum halodo entak-entakan ogénan. Duméh belutna teu pati galedé. Kitu-kitu teu burung lumayan, sakalieun jang ngahanyiran buka puasa onaman.

Di antara babaturan, Si Dikun nu pangpinterna ngala belut téh. Tayoh boga élmu manéhna mah. Nepi ka siga nu apal, naha liang belut téh eusian kénéh, atawa geus ditinggalkeun ku nu bogana. Bogaeun Gambar Lopian Si Eta mah, cék nu séjén, kawas Kresna baé. Gambar Lopian, pakarang sakti Sri Kresna. Bisa dipaké nénjo naon baé.

Da arang pisan nyamos Si Eta mah. Atuh dina mulangna, teu weléh pangcukulna. Nyaan, mindeng sirik kuring mah. Nénjo manéhna igel-igelan, bari némbong-némbong beubeunanganana, sakapeung mah rey… mani hayang nganaonkeun…. Mun atuh dihakan oray urekna, ceng téh. Padahal bulan puasa. Kuduna mah ulah boga niat goréng. Kétah, sanajan lain dina bulan puasa ogé, sarua baé teu meunang.

Duka atuh, kana ula-ala nu sipatna mahluk hirup téh, manéhna mah ahlina sugan. Nguseup, nyirib, nyair, kokodok, ka nyantel-nyantel, henteu weléh pangcukulna. Nyantél téh ngaitan panon hurang, maké ramat cau, ditalikeun kana tungtung nyéré kalapa. Nyéré baseuh, supaya ulah regas. Teuleum taritip, sabangsa kerang, di dasar walungan, pangkuatna. Ngala manuk ka leuweung, tara ngalaman poos. Puguhing ukur newakan papatong atawa simeut, jang parab manuk. Sirikna teu siga nu nyalampoéurkeun atuh.

Jelema kitu mah, pasti kukulinciranana tilu, majarkeun téh. Sanajan nu katempo mah, ukur hiji. Duka téh teuing. Kitu kapercayaan sawatara urang lembur.

Sakali mangsa, nempo manéhna kanjat depong-depong baé, lalaunan disampeurkeun. Pasti Si Kehed téh, rék panggih jeung belut rajana. Da éta baé teu apaleun, aya nu leumpang nyampeurkeun. Geus deukeut pisan, “Punten …,” ceng téh, “abdi ngiring ngalangkung,” bari najongkeun tungtung suku lalaunan, kana bujurna.

Peresis filem dilaunkan. Slow motion. Gurawil… bluk … méh baé, irungna nanceb kana leutak. Untung leungeunna rikat, nahan sirahna. Kotakanana deuih teu pati caian. Ninggang usum katiga téa.

Gerrr….

Tapi dasar jurig belut. Ari hudang mah, angger ngaréngkénék, némbong-némbong belut, dina urekna. Mokaha balik ka lembur, Si Dikun kapaksa disasarung. Lantaran baju jeung calanana, teu kaburu garing.

“Pangantén sunat! Pangantén sunat!” cék saréréa, sajajalan.

Iwal ulin di lelewek lembur, rék ka mana-rék ka mendi, barudak téh tara lésot ti sarung jeung… bedog. Sarung paranti solat. Ari bedog bisi aya jeung perlu nanaon. Bedog téh mun ceuk urang kota ayeuna mah, sigana sarua jeung HP.

Tilu

Salila puasa, kabéh sakola diperékeun. Jeung tara aya pasantrén kilat harita mah. Peré mah peré baé. Tapi, ari ngaji mah, tetep wajib. Ngan waktuna lain ba’da maggrib, nepi ka (rék) dur bedug isa. Biasana ti ba’da asar nepi ka welasan menit deui kana buka. Poé Juma’ah anggerperé.

Mindeng ripuh ngaji dina bulan puasa mah. Utamana ngalawanan tunduh. Kitu téa mah, peutingna kurang saré. Beurangna liliaran. Tampolana cacapéan. Ninggang waktuna ngaji, piraku teu huwah deui… huwah deui… heuay. Untungna Ustad Mamanna ngarti. Ka tungtungna mah sok loba ngadongéng. Mun teu kitu nambahan nadom. Nadom téh sarua jeung pupujian. Ngan rumpakana basa Arab.

Hanjakal can usum spiker harita mah. Jadi satarik-tarik sora barudak baé. Iwal nu dareukeut ka masjid, teu milu ngararasakeun waasna nadom atawa pupujian. Teu kawas jaman ayeuna. Kanjat meuntas pasirapan, kadéngéna sora nadom atawa pupujian téh. Geura ulin ka béh lembur, utamana ka buritnakeun. Kelar… téh.

Rajeun ceuleumeut barudak mah, upama ngabandungan Ustad Maman, mapatahan kuring sabatur-batur nadoman. Éta sorana halimpu sari-sari gahar. Ka béh dieu, sanggeus kuring jelug, ana heg dibanding-banding, bleg sora Broery Pesoelima. Atawa Hamdan ATT. Nu éta geuning, nu nembang lagu dangdut:Termiskin di Dunia. Kitu, lah, teu pada éléh.

Puasa beuki ka tungtung. Beuki maju ka congona. Lembur tambah haneuteun. Ari lain kagok-kagok teuing, boga alaeun di kebon atawa reuma mah, lalaki téh tinglaliud di lembur. Sawaréh mimiti anteur-anteur. Utamana pilimapoéun ka ditu. Biasana ka nu rada jarauh. Ambéh jongjon, majarkeun téh. Tinggal ka duduluran nu dareukeut.

Lembur téh lir ngagegekan, manjing maleman tujuh likur ka ditu mah. Padahal harita mah, teu pati usum, aya urang lembur, ngadon marangkuk di darayeuh. Nu nyiar kipayah harianeun, dalah nu sarakola, beunang dibilang ku ramo leungeun. Teu kawas ayeuna, mariang ninggalkeun lembur téh, sasat jadi pilihan balaréa. Ana mangsana lebaran, karasa lembur haneuteunana téh. Lantaran nu marangkuk di jauhna, ataun kali maraksakeun balik.

Di masjid, sawatara kolot (lalaki) mimiti ngurusanan nu palitrah. Opat-lima urang, digembrong barudak, mageuhan paseuk bedug. Sasayagaan maleman takbiran. Meujeuhna digedér ongkoh, ti malem lilikuran kénéh. Nyanghareupan téh kudu diparageuhan deui. Pan kitu biasana. Ti poé kahiji nepi ka poé kadua puluh, ngadulag téh heuheuleutan. Ayeuna ngadulag, isuk henteu. Nincak kasalikur poé, unggal poé. Malah sakira karuat mah, dua puluh opat jam.

Di antara barudak, Si Ocad pangpinterna ngadulag téh. Awakna mah leutik. Nya begeng nya péndék. Nya kitu deui leungeunna. Ku Si Dikun mah dikeupeul. Tapi, ana der ngadulag, ih… sugan mah. Teu kaur eureun, matak bandung kuping saréréa. Rék takolan anca, rék semu ngadurugdug, puguh wirahmana. Diselang-selang ku nakolan sisi kuluwung, diréngkénékan jeung diémprakanana, nyaan jadi dagingna téh.

Waas, kelar, jeung… teuing naon disebutna atuh, lamun keur ngadulag mangsa janari leutik. Dulag ngahudangkeun nu rék ngahaneut-haneutkeun dahareun saur. Dudag… dugdag-dugdag… tolak toktak dugdag… Dugdag-dudgag… tolak toktak dugdag… Asa nyerep jeung… ngajak panon beuki rapet. Nepi ka mindeng kabawa ngimpi. Di dituna asa ngadéngé sora kacida éndahna. Teuing sora naon …. Nyaho deui sora dulag Si Ocad, sanggeus digugubrag bisi katinggaleun saur.

Mindeng ngahaja muruhan kuring mah, gara-gara kabeuli ati, ku takolan dulag Si Ocad. Éta nempo usik leungeunna, da mani siga nu keur ngigel atuh. Pangpangna lamun diselang-selang nakolan sisi kuluwung. Siga pabeulit, tapi puguh aturanana. Enya, siga nu keur ngigel lah….

Ari karesepna limun. Limun beureum. Coca cola atawa Pepsi ayeuna mah. Dijangjian sabotol téh, sok nepi ka luut-léét késang. Harita mah limun téh, kaasup leueuteun méwah. Malah nu héjo mah, sok dipaké tamba. Teuing ku naon, sarta duka kumaha mimitina, loba nu gering marénta dipangmeulikeun limun hejo. Duka enya, duka ukur omongan balaréa, cenah, sok tuluy cageur. Atawa bisa jadi, tadina eungkeut-eungkeut rék cageur. Pangna ménta dipangmeulikeun limun ogénan. Da ari nu gering nyaan mah, naon-naon gé teu ngeunah.

Beuki maju ka tungtung, beuki loba téténjoan jeung aambeuan. Di imah ramé nu asak-asakan. Biasana pamajikan pakacar, purah ngurusanan raja kaya kolot. Dua-tiluan mah kudu. Pancénna, nyieunan sarupaning kadaharan nu lumrah-lumrah. Da ari bangsaning bibika, bolu gulung, atawa lapis mah, husus aya ahlina. Éta mah ngahaja pesen. Meuli. Teu bisa ngahiras ukur muruhan.

Beuki deukeut lebaran, di imah, beuki réa dahareun. Mimiti punclakna pidua-poéeun deui. Sabab lian ti kuah-kuéh pesenan geus daratang, mimiti jul-jol nu ngalanteuran. Biasana duduluran nu perenahna sahandapeun kolot kuring. Kitu lah uda-adi atawa anak-anakan. Ari kuring sok ngarep-ngarep pisan,panganteuran ti Mang Océng. Pangpangna peuyeum ketanna jeung pasakan daging amisna. Semur mun ceuk urang dayeuh mah. Pédah amis dikécapan, di lembur kuring mah, disebutna daging amis.

Ogoan ongkoh, dienod ongkoh, sajaba ti peujit koréseun téh. Pokona mah, asal geus salawé poé punjul, saur angger saur, beurangna sagala dipurak. Minangka kolot (bapa) ngageunggeureuhkeunana téh, “Tutupkeun pantona!” Atawa “Di ditu, di kamar daharna!”

Puguhing piisukeun pisan lebaran mah. Mangsana ngabedahkeun balong. Peutingna gé geus tara niat-niat acan. Maksud téh, niat puasa. Tapi, anéhna, saur mah angger milu. Nganggapna dahar mumuluk. Geus teu éra deui, andekak di saung balong, nyangahareupan beuleum jaér jeung tawés téh. Atuh indung kuring, mahanan kéjo haturan putra kakasih. Riweung laladang di warung, ema jeung bapa mah, tara pipilueun pisan. Paling-paling beurangna, wates ngalongok jeung papariksa. Meunang (ngajual) sabaraha kintalngabedahkeun téh? Lian ti éta mah babagi.

Lain kuring wungkul, nu kitu kalakuan téh. Tapi, kabéh babaturan gé sarua. Kumaha luluguna meureun. Malah aya kalana, ngahaja batal babarengan. Meuleum naon jeung di mana tempatna, saméméhna geus dirarancang. Mimindengna meuleum belut jeung sampeu. Nginumna cai dawegan. Amis-amisna ngala bubuahan leuweung.

“Jamak batal opat-lima poé mah,” mani angger Si Nardi mah. Ulangan atawa ujian gé, salah lima mah masih kénéh lulus alus. Peunteunna dalapan, pokna deui. “Jaba urang mah budak kénéh. Can wajib-wajib teuing puasa téh.”

Sakali mangsa mah, Mang Tama, salah saurang pakacar, datang hariweusweus ka bapa. Majar, di saung balong, kapanggih loba getih jeung sisit lauk. Mun lain tawes pasti lauk emas, cenah.

“Iraha kapanggihna?”

“Nembé,” cenah, bangun nu sieun katempuhan. “Kaleresan méméh asar, raos panasaran bilih indungna barudak, hilap ngala parab,” maksudna, daun taleus, para gurame. “Ari pék…”

“Tapi teu béak sabalong-sabalong acan lin?” bapa némbalan ayem.

“Nya henteu atuh Pa Haji.”

“Enya, geus waé teu kudu riweuh-riweuh. Matak puasa engké mah, sing hideng mangalakeun!” sigana bari gumujeng sasauranana téh.

Duka aya nu pangangguran nepikeun, duka émutanana, geus moal saha deui nu boga lalakonna, iwal tuang putra kagungan, pangna teu papanjangan téh. Malah nu dagdag-dégdég laporan téh, sirikna teu buru-buru diusir, dialungan roko bungkusan sadua-dua. Kansas jeung Lancer. “Tah, euy, jang batur takbiran engké!” saurna.

Mang Tama ngaléos. Kuring nyéréngéh sorangan. ***

http://mediasunda.com/i

Komentar ditutup.

%d blogger menyukai ini: